KACINTA BAPA KA ANAK
Judul :Malaikat Tanpa Sayap
Produser :Chand Parwez Servia
Penulis :Anggoro Saronto, Titien Wattimena
Musik :Tya Subiakto Satrio
Studio :Starvision Plus
Tokoh : -Vino (Adipati Dolken)
-Amir (Surya Saputra)
-Mirna (Kinaryosih)
-Wina (Geccha Qheagaveta)
-Calo (Agus Kuncoro)
-Mura (Maudy Ayunda)
-Ayah Mura (Ikang Fauwzi)
Sinopsis:
Vino rumaja SMA nu kapaksa eureun Sakola sabab teu bisa mayar SPP, katambah rumah tangga kolotna keur retak sabab Mirna (Indungna Vino) teu bisa narima kaayaan salakina (Amir) nu bangkrut alatan ditipu ku patner bisnisna. Dina kaayaan keur sarwa susah Mirna ninggalkeun Amir, Vino jeung anak awéwéna nu bungsu Wina.
Wina adi Vino, dibawa ka rumah sakit sabab cilaka di kamar mandi. Amir geus teu boga deui duit nalika dokter nyarankeun sangkan Wina geura dioprasi sabab sukuna geus infeksi. Sanajan Vino kurang paduli kana kaayaan kulawargana, tapi pas nyaho yén adina kudu dioprasi Vino langsung néangan duit ti mimiti nginjeum ka babaturanana nepi ka maling motor nu keur parkir bari jeung kanyahoan terus diteunggeulan ku warga. Dina hiji poé di rumah sakit, vino panggih jeung lalaki nu nyahoeun yén manéhna téh keur butuh duit. Lalaki éta (calo) nawarkeun rék nginjeuman duit asal vino daék jadi donor organ dalam. Sanggeus nampa duit ti calo, Vino langsung mayar biaya operasi Wina bari jeung poho kana kasepakatan manéhna jeung lalaki tadi (calo).
Salila nungguan Wina di rumah sakit, vino boga kenalan awéwé ngaranna Mura. Beuki lila Vino beuki deukeut jeung Mura, Vino mulai sering ulin ka imah Mura. Sanggeus Wina kaluar ti rumah sakit, Vino ngajak amir jeung Wina pindah ti imah kontrakan ka imah kulawargana nu baheula. Amir ngaheluk heran, naha timana vino meunang duit pikeun nebus imahna nu baheula. Amir embung diajak pindah ka imahna nu baheula lamun Vino teu neruskeun deui sakolana.
Vino jeung Amir pindahka imahna nu baheula. Tapi ahirna vino kanyahoan bohong pas Amir nempo Vino di jalan maké seragam sakola SMA pas jam pelajaran. Di imah Amir kacida ambék ka Vino ngarasa geus diwiwirang ku anak sorangan. Vino jeung Mura beuki deukeut,duanana geus katalian rasa asih. Vino poho kana kasepakatanana jeung hiji calo ngeunaan donor jantung nu rék dilakonan ku Vino. Dina hiji poé calo ngadatangan ka Vino nagih janji ka vino tapi vino malah rék ingkar janji. Sabab Vino rék ingkar kana janji calo ngungkapkeun rusiah saha nu bakal narima donor jantung ti Vino. Di imahna, Vino nyieun surat keur jalma-jalma nu dipikanyaah ku manéhna.
Sanggeus nandatangan surat perjanjian donor, Vino mulang ka imah, bari jeung bingung Vino nginum obat nu dibéré ku calo. Di tengah imah, Mirna makasa Wina sangkan daék milu jeung manéhna, pas mirna rék mawa paksa Wina datang Amir. Amir jeung Mirna pahereng-hereng marebutkeun wina, pas kitu datang lalaki ti luar nembakkeun peluru ka dada Amir. Ahirna jantung nu didonorkeun ka mura nya éta jantung Amir. Vino sadar bapana miboga haté nu mulya. Vino jeung Wina boga kulawarga anyar nu salila ieu diimpi-impi ku maranéhna.
Kaonjoyan jeung Kahengkéran Film “Malaikat Tanpa Sayap”:
1. Kaonjoyan ieu film diantarana carita nu disajikeun gampang dipikaharti, sarta akting apik Surya Saputra dina merankeun Amir bisa nguras emosi pamiarsana.
2. Kahéngkeran ieu film diantarana kurang maksimalna akting Adipati Dolken dina merankeun tokoh Vino utamana dina adegan emosi jeung ceurik. Panataan musikna ogé kurang ngadukung kana tiap adegan nu ditampilkeun.
MOJANG CIAMIS
Senin, 21 Mei 2012
Feature Perjalanan
KI SUNDA NANJEUR SALAWASNA
Mapay Jalan Purnawarman,
leumpang ka Gedung Saté ngabéla Sunda sangkan teu dibolerkeun di tanahna
sorangan. Sora sumanget ngaguruh paburu-buru jeung sora mesin nu tinggurudug
meulah raména jalan. Panas ngabentrang teu ngahalangan tekad bajuang ngabéla Ki
Sunda sangkan nanjeur salawasna, sangkan teu dipopohokeun ku balaréa.
Hayu batur urang kumpul
Mieling, mieling Poé Basa Indung
Poé Basa Indung Internasional ,Internasional.
Éta lagu ngaguruh dimimitian ti kampus UPI nepi ka Gedung Sate, najan
mahasiswa nu milu aksi saeutik tapi sumangetna sora mahasiswa Sunda angger
matak murigrig ka nu ngadéngé.
Dina poé salasa
21 Februari 2012 mahasiswa jeung mahasiswi sarta dosen jurusan Pendidikan
Bahasa daerah Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), turun ka jalan dina
raraga mieling poé basa Indung Internasional. Aksi mahasiswa dibuka ku leumpang
ti jalan Purnawarman nepi ka BIP mahasiswa nyorakeun sumanget sangkan urang
Sunda, umumna sakabéh warga Jawa Barat sangkan tong éra maké basa Sunda dina
kahirupan sapopoé, sarta sangkan leuwih reueus kana kabeungharan Budaya Sunda.
Ti BIP aksi di
teruskeun leumpang ka Gedung Saté, sapanjang jalan sora-sora sumanget kadéngé
kenéh najan panonpoé moncorong molototan. Di
Gedung Sate, mahasiswa, mahasiswi sarta dosen leuwih sumanget deui nyorakeun ki sunda sangkan beuki
nanajeur,sangkan urang sunda reueus kana getih sunda nu ngocor .
Panas beuki atra
nembus kana kulit nyipta hawa hareudang, najan kitu sumanget macakeun tungtutan
ka pamaréntah masih gandang. Tungtutan ngarah Sunda leuwih dijaga, diriksa,
dipaké ku sakabéh urang Sunda. Sangkan pajabat daerah Jawa Barat bisa nyarita,
nyoarakeun Sunda dina kagiatan kapamaréntahan ulah ngan saukur mentingkeun
kapentingan monopoli pulitik sorangana wungkul. Sangeus tungtutan ka Pamaréntah
ditépikeun, aksi dituluykeun ku maca sajak, jeung ngahaleuangkeun lagu-lagu
Sunda pangupa raga nu geus capé sarta bayeungyang ku panasna panonpoé.
Ki Sunda kudu
salawasna nanjeur, gandang di kandang sorangan. Ku kituna urang salaku urang
Sunda kudu jadi nu tiheula baris panghareupna ngalarapkeun basa sarta ajén-ajén
kasundaan. Lamun urang Sunda geus euweuh nu paduli kana Basa Sunda, Sunda bakal
tumpur ngan nyésa carita wungkul. Ku kituna meumpeung urang Sunda loba kénéh nu
paduli kana basa Sunda, hayu urang babarengan satuhu salaku dulur nanjeurkeun
deui Basa Sunda sangkan Ki Sunda leuwih dipikacinta di taneuhna sorangan. Lamun
teu ku urang ku saha deui?
Senin, 26 Maret 2012
10 Kecerdasan Manusa
Sakabéh jalma di dunya ieu pasti hayang jadi jalma nu sukses jeung cerdas. Tapi kamampuh jalma téh béda-béda, boga kaleuwihan jeung kahengkeran masing-masing, nu ngabedakeuna nya éta tarekah jalma éta sorangan pikeun ngarobah hirupna sangkan leuwih punjul batan nu lianna. Geus fitrah manusa hayang boga hiji hal nu bisa dipikaajrih ku manéhanana.
Kacerdasan mangaruhan pisan dina widang atikan, di sakola atawa paguron luhur biasana pakaitna jeung dua jenis kacerdasan, nya éta kacerdasan bahasa jeung matematika. Profesor ti Harvard, Howard Gardener, yakin yén sahenteuna aya salapan kecerdasan, bisa sapuluh atawa leuwih, diantarana:
1. Kecerdasan Linguistik
2. Kecerdasan Musikal
3. Kacerdasan Logika_Matematika
4. Kecerdasan Visual-Spasial
5. Kecerdasan Tubuh-Kinestetik
6. Kecerdasan Interpersonal
7. Kecerdasan Intrapersonal
8. Kecerdasan Naturalis
9. Kecerdasan Eksistensial
10. Kecerdasan Spiritual.
Senin, 02 Januari 2012
KRISIS BASA SUNDA
Pangajaran basa daerah geus jadi kurikulum wajib ti taun 1984, basa Sunda kaasup kana basa daerah wilayah Jawa Barat. Berarti geus 27 taun basa Sunda diajarkeun di sakola-sakola nu aya di Jawa Barat. Tapi sanajan geus lila basa Sunda diajarkeun, nepi ka kiwari basa Sunda téh masih kénéh jadi salasahiji pangajaran di Sakola nu dianggap hésé ku siswa jeung siswi boh di SD, SMP, jeung SMA kaasup ku siswa/siswi nu urang Sunda asli.Pangajaran Basa Sunda dianggap hésé ku mayoritas siswa/siswi di sakola. Kaayaan kieu lumangsung lantaran di sakola loba guru basa Sunda nu lain asli lulusan ti jurusan basa Sunda. Pasualan ieu beuki diperparah ku pamingpin sakola (Kepala Sekolah) nu sagawayah nunjuk guru bidang séjén pikeun ngajar basa Sunda nu teu boga kasang tukang pendidikan basa Sunda. Hasilna siswa laina beuki ngarti jeung beuki tertarik dina diajar basa Sunda tapi sabalikna beuki hoream jeung teu ngarti, sabab lolobana guru nu teu boga kasang tukang pendidikan basa, hususna basa Sunda dina cara ngajarna gé asal asup ka kelas, euweuh ras dina haté hayang baraudak bisa jeung resep maké basa Sunda.
Jam pelajaran nu disadiakeun ku Sakola pikeun pangajaran basa Sunda ogé kawilang samporét dina saminggu rata-rata di unggal sakola ngan nyadiakeun waktu dua jam pikeun pangajaran Basa Sunda. Di salasahiji Sakola Dasar malah jam pangajaran basa Sunda téh dibagi dua waktuna jeung mulok séjén saperti: PLH, Pramuka jeung Pencak Silat. Kacipta beuki heureut waé waktu siswa pikeun diajar basa Sunda, geus téh dianggap hésé pangajaran basa Sunda ku ampir sakabéh siswa, katambah deui ku waktu pangajaran basa Sunda sorangan nu kacida kawatésanan beuki wé nambahan kahésé. Kakreatifaan jeung peran guru dina nepikeun materi pangajaran basa Sunda di sakola jadi salasahiji cara pikeun ngungkulan masalah samporétna jam pangajaran basa Sunda. Ku kituna, tanaga pangajar basa Sunda kudu miboga katarampilan jeung kamampuh nu ngadukung dina cara nepikeun pangajaran basa Sunda di Sakola.
Perhatian pamaréntah hususna pamaréntah daerah Jawa Barat dina ngadukung ngaronjatkeun basa Sunda di daerah ogé mangaruhan pisan kana kalancaran kagiatan pangajaran basa Sunda di Sakola. Salasahiji andil pamaréntah dina ngarojong pangajaran basa Sunda nya éta dina hal pangangkatan guru basa Sunda nu asli lulusan ti pendidikan basa Sunda. Tapi perhatian pamaréntah Jawa Barat kana lumangsungna pangajaran basa Sunda di sakola masih kurang, kabukti ku masih loba kénéh lulusan pendidikan basa Sunda salasahijina ti UPI nu can kamangpaatkeun pikeun jadi tanaga pangajar basa sunda di sakola, malah loba lulusan ti pendidikan basa Sunda nu digawé di sektor séjén atawa jadi pangarang. Kepala Balai Bahasa Daerah Dinas Pendidikan Jabar Idin Baidilah ngawawarkeun, ayeuna di Jabar aya 33.250 sakola. Tapi, jumlah guru nu lain berpendidikan basa daerah nu keur ditatar ku Disdik aya 8.200 guru. Ngeunaan pangangkatan guru basa daerah, numutkeun anjeunna, nepi ka ayeuna kakara Kabupaten Sumedang jeung Tasikmalaya nu geus ngajalankeun. Peran jeung gawé bareng ti kabéh pihak dina nyukseskeun pangajaran basa sunda ogé penting pisan, komo deui lembaga-lembaga nu pakait jeung masalah pangajaran basa Sunda.
Langganan:
Komentar (Atom)

