Senin, 21 Mei 2012

RESENSI FILM

KACINTA BAPA KA ANAK
Judul :Malaikat Tanpa Sayap Produser :Chand Parwez Servia Penulis :Anggoro Saronto, Titien Wattimena Musik :Tya Subiakto Satrio Studio :Starvision Plus Tokoh : -Vino (Adipati Dolken) -Amir (Surya Saputra) -Mirna (Kinaryosih) -Wina (Geccha Qheagaveta) -Calo (Agus Kuncoro) -Mura (Maudy Ayunda) -Ayah Mura (Ikang Fauwzi) Sinopsis: Vino rumaja SMA nu kapaksa eureun Sakola sabab teu bisa mayar SPP, katambah rumah tangga kolotna keur retak sabab Mirna (Indungna Vino) teu bisa narima kaayaan salakina (Amir) nu bangkrut alatan ditipu ku patner bisnisna. Dina kaayaan keur sarwa susah Mirna ninggalkeun Amir, Vino jeung anak awéwéna nu bungsu Wina. Wina adi Vino, dibawa ka rumah sakit sabab cilaka di kamar mandi. Amir geus teu boga deui duit nalika dokter nyarankeun sangkan Wina geura dioprasi sabab sukuna geus infeksi. Sanajan Vino kurang paduli kana kaayaan kulawargana, tapi pas nyaho yén adina kudu dioprasi Vino langsung néangan duit ti mimiti nginjeum ka babaturanana nepi ka maling motor nu keur parkir bari jeung kanyahoan terus diteunggeulan ku warga. Dina hiji poé di rumah sakit, vino panggih jeung lalaki nu nyahoeun yén manéhna téh keur butuh duit. Lalaki éta (calo) nawarkeun rék nginjeuman duit asal vino daék jadi donor organ dalam. Sanggeus nampa duit ti calo, Vino langsung mayar biaya operasi Wina bari jeung poho kana kasepakatan manéhna jeung lalaki tadi (calo). Salila nungguan Wina di rumah sakit, vino boga kenalan awéwé ngaranna Mura. Beuki lila Vino beuki deukeut jeung Mura, Vino mulai sering ulin ka imah Mura. Sanggeus Wina kaluar ti rumah sakit, Vino ngajak amir jeung Wina pindah ti imah kontrakan ka imah kulawargana nu baheula. Amir ngaheluk heran, naha timana vino meunang duit pikeun nebus imahna nu baheula. Amir embung diajak pindah ka imahna nu baheula lamun Vino teu neruskeun deui sakolana. Vino jeung Amir pindahka imahna nu baheula. Tapi ahirna vino kanyahoan bohong pas Amir nempo Vino di jalan maké seragam sakola SMA pas jam pelajaran. Di imah Amir kacida ambék ka Vino ngarasa geus diwiwirang ku anak sorangan. Vino jeung Mura beuki deukeut,duanana geus katalian rasa asih. Vino poho kana kasepakatanana jeung hiji calo ngeunaan donor jantung nu rék dilakonan ku Vino. Dina hiji poé calo ngadatangan ka Vino nagih janji ka vino tapi vino malah rék ingkar janji. Sabab Vino rék ingkar kana janji calo ngungkapkeun rusiah saha nu bakal narima donor jantung ti Vino. Di imahna, Vino nyieun surat keur jalma-jalma nu dipikanyaah ku manéhna. Sanggeus nandatangan surat perjanjian donor, Vino mulang ka imah, bari jeung bingung Vino nginum obat nu dibéré ku calo. Di tengah imah, Mirna makasa Wina sangkan daék milu jeung manéhna, pas mirna rék mawa paksa Wina datang Amir. Amir jeung Mirna pahereng-hereng marebutkeun wina, pas kitu datang lalaki ti luar nembakkeun peluru ka dada Amir. Ahirna jantung nu didonorkeun ka mura nya éta jantung Amir. Vino sadar bapana miboga haté nu mulya. Vino jeung Wina boga kulawarga anyar nu salila ieu diimpi-impi ku maranéhna. Kaonjoyan jeung Kahengkéran Film “Malaikat Tanpa Sayap”: 1. Kaonjoyan ieu film diantarana carita nu disajikeun gampang dipikaharti, sarta akting apik Surya Saputra dina merankeun Amir bisa nguras emosi pamiarsana. 2. Kahéngkeran ieu film diantarana kurang maksimalna akting Adipati Dolken dina merankeun tokoh Vino utamana dina adegan emosi jeung ceurik. Panataan musikna ogé kurang ngadukung kana tiap adegan nu ditampilkeun.

Feature Perjalanan



KI SUNDA NANJEUR SALAWASNA
Mapay Jalan Purnawarman, leumpang ka Gedung Saté ngabéla Sunda sangkan teu dibolerkeun di tanahna sorangan. Sora sumanget ngaguruh paburu-buru jeung sora mesin nu tinggurudug meulah raména jalan. Panas ngabentrang teu ngahalangan tekad bajuang ngabéla Ki Sunda sangkan nanjeur salawasna, sangkan teu dipopohokeun ku balaréa.
Hayu batur urang kumpul
Mieling, mieling Poé Basa Indung
Poé Basa Indung Internasional ,Internasional.
Éta lagu ngaguruh  dimimitian ti  kampus UPI nepi ka Gedung Sate, najan mahasiswa nu milu aksi saeutik tapi sumangetna sora mahasiswa Sunda angger matak murigrig ka nu ngadéngé.
Dina poé salasa 21 Februari 2012 mahasiswa jeung mahasiswi sarta dosen jurusan Pendidikan Bahasa daerah Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), turun ka jalan dina raraga mieling poé basa Indung Internasional. Aksi mahasiswa dibuka ku leumpang ti jalan Purnawarman nepi ka BIP mahasiswa nyorakeun sumanget sangkan urang Sunda, umumna sakabéh warga Jawa Barat sangkan tong éra maké basa Sunda dina kahirupan sapopoé, sarta sangkan leuwih reueus kana kabeungharan  Budaya Sunda.
Ti BIP aksi di teruskeun leumpang ka Gedung Saté, sapanjang jalan sora-sora sumanget kadéngé kenéh najan panonpoé moncorong molototan. Di  Gedung Sate, mahasiswa, mahasiswi sarta dosen leuwih sumanget deui  nyorakeun ki sunda sangkan beuki nanajeur,sangkan urang sunda reueus kana getih sunda nu ngocor .
Panas beuki atra nembus kana kulit nyipta hawa hareudang, najan kitu sumanget macakeun tungtutan ka pamaréntah masih gandang. Tungtutan ngarah Sunda leuwih dijaga, diriksa, dipaké ku sakabéh urang Sunda. Sangkan pajabat daerah Jawa Barat bisa nyarita, nyoarakeun Sunda dina kagiatan kapamaréntahan ulah ngan saukur mentingkeun kapentingan monopoli pulitik sorangana wungkul. Sangeus tungtutan ka Pamaréntah ditépikeun, aksi dituluykeun ku maca sajak, jeung ngahaleuangkeun lagu-lagu Sunda pangupa raga nu geus capé sarta bayeungyang ku panasna panonpoé.
Ki Sunda kudu salawasna nanjeur, gandang di kandang sorangan. Ku kituna urang salaku urang Sunda kudu jadi nu tiheula baris panghareupna ngalarapkeun basa sarta ajén-ajén kasundaan. Lamun urang Sunda geus euweuh nu paduli kana Basa Sunda, Sunda bakal tumpur ngan nyésa carita wungkul. Ku kituna meumpeung urang Sunda loba kénéh nu paduli kana basa Sunda, hayu urang babarengan satuhu salaku dulur nanjeurkeun deui Basa Sunda sangkan Ki Sunda leuwih dipikacinta di taneuhna sorangan. Lamun teu ku urang ku saha deui?